Jumat, 27 Januari 2012

Siliwangi

SILIWANGI

Cihaliwung nunjang ngidul
tampian Sang Siliwangi
Siliwangi sanubari
patapan di Pajajaran

Siloka jajaran sirna
kari patilasan suka
nu matak ngan luwang-liwung
kawihna jadi kasarung

Kari urutna taringgul
kidungna sada nu burung
ngacacang di nu tarahal
lantaran ngarasa kurang

Panyawangan geus kahalangan
kasilih jati ku junti
teu nyaho dipangbalikan
Siliwangi, leungit kari tinggal wawangi.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar